1 Babad 10
Urang Pelisti merangan ka urang Israil di Gunung Gilboa. Balad Israil loba pisan anu tiwas kasambut, anu harirup keneh kalabur, kitu deui Raja Saul sapala putra.
Tapi ku urang Pelisti diudag terus ditarajang deui sarta harita tilu putra Saul nya eta Yonatan, Abinadab jeung Malkisua tariwas kasambut musuh.
Di sakurilingeun Saul perang kacida ragotna, tur anjeunna keuna ku jamparing musuh, tatu parna pisan.
Anjeunna ngalahir ka budak ngora anu mawa pakarangna, saurna, "Cabut pedang maneh, tubleskeun ka kami, bisi kaayaan kami kieu katarenjoeun manten ku itu urang Pelisti umat brahala, tangtu aratoheun." Tapi eta budak ngora teu daekeun, kacida teu wanieunana. Ku sabab kitu Saul nyabut pedang nyalira, bles nubles anjeun.
Nenjo Saul geus pupus, bles deuih eta budak ngora teh nubles maneh ku pedangna, maot di dinya.
Saul jeung tilu putrana parupus sapoe reujeung, karajaanana tamat.
Urang Israil anu maratuh di Lebak Yisrel barang ngadarenge beja yen baladna kalabur tur Saul jeung putra-putrana parupus, tuluy bae kalabur ti pamatuhanana, urutna diandih ku urang Pelisti.
Sanggeus perang enggeusan, urang Pelisti ngalalasruk rek ngarangsadan mayit-mayit. Layon Saul jeung tilu putrana kapanggih di Gunung Gilboa.
Pakarangna dirangsadan, mastakana diteukteuk. Urang Pelisti ngirimkeun utusan-utusan ka sakuliah nagarana, ngembar-ngembar beja anu sakitu pikabungaheunana ka brahala-brahala jeung ka bangsana.
Pakarang Saul ku maranehna disimpen di salah sahiji imah pamujaanana, ari mastakana digantungkeun di kuil Dewa Dagon, sesembahanana.
Barang urang Yabes di wewengkon Gilad ngadarenge beja kalakuan urang Pelisti kitu ka Saul,
seug jalma anu garagah jeung warani arindit nyarokot layon Saul jeung tilu putrana dibawa ka Yabes, dimakamkeun di handapeun hiji tangkal kiara. Geus kitu maranehna paruasa meunang tujuh poe.
Nu matak Saul pupus teh ku lantaran geus henteu satia ka PANGERAN. Henteu tumut kana timbalan-timbalan PANGERAN, anggur mundut pituduh ka arwah jelema anu geus paeh,
lain mundut pituduh ka PANGERAN. Eta sababna ku PANGERAN disina tiwas, karajaanana ku Mantenna diselehkeun ka Daud putra Isai.